Live Aid Nyaeta Pagelaran Musik Rock Cara Baheula Anu Digelar Tanggal 13 Juli 1985. Bob Geldof Jeung Midge Ure Anu Ngayakeun Acara Ieu Pikeun Ngumpulkeun Dana Keur Kapentingan Nulungan Anu Kalaparan Di Ethiopia. Konser Di Gelar Ngadadak Di Stadion Wembley Di London (dihadiran Sakitar 72.000 Urang) JFK Di Philadelphia (dihadiran Sakitar 90.000 Urang). Salian Ti Eta, Konser Tambahan Digelar Di Kota-kota Samisal Sydney Jeung Moskwa. Konser Live Aid Dicatet Dina Sajarah Salaku Siaran Langsung Paling Akbar Dina Sajarah Pertelevisian, Kalawan Sakitar 1,9 Miliar Paramiarsa Di 150 Nagara Nu nyaksian Tayangan Ieu Kalawan Langsung Dina Televisi..!!!
Terakhir tampil di bandung kalawan nginjeum laguna doel sumbang+teh nining meida 'SONO BAE " . Panasaran ??? tah ieu laguna :
Tariiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiik Botaaaaaaaaaaaaaak !!!! hehehe...!!! bosen tarik jabrig mah geus teu usum..hehehe !!!!
SAHA ARI MICK JAGGER TEH ? SAJARAH VOCALIS BAND THE ROLLING STONES.
Didieu simkuring moal ngabahas pikaseurieun tapi leuwih pokus ka masalah Profilna Mick Jagger. masalah pikaseurieun mah sigana rada aya dina tampilan videona., bari jeung kitu oge balik deui tergantung kanu nganilaina. lamun pikaseurieun meureun bakal seuri, lamun henteu wae..nya wayahna kudu nyinghareupan nu lalajo bari samutut, leuheung ari teu bari hitut mah deuih...hehehe. tos ahhh teu kedah dibahas eta mah. ayeuna mah urang nyaritakeun MICK JAGGER weh...kieu caritana :
Mick Jagger dilahirkeun kalawan nyandang ngaran Michael Philip Jagger tgl 26 Juli 1943 di Dartford, Kent, Inggris.
manehna ngabogaan 2 dulur lalaki ti kolotna nungaran Eva & joe jagger. Nalika SMU, Mick jagger ngadegkeun salahsahiji band anu dibere ngaran Little Boy Blue and Blue Boys. Sanggeusna lulus, manehna neruskeun sakolana di London School of Economics kalawan beasiswa ti pamarentah.
Mick Jagger nyaeta salahsahiji bintang rock paling populer sapanjang jaman. manehna aya dina puncak karier kalawan katenaran anu jadi penyanyi utama The Rolling Stones kalawan ngabantu ngajadikeun “The Stones” ngajadi salahsahiji band rock paling populer sapanjang jaman.
Mick Jagger jeung Keith Richards ngadegkeun The Rolling Stones di taun 1962 kalawan ciri khas blues rock hard-hitting style. sajarah nyaritakeun yen Mick Jagger jeung Keith Richards, anu pernah bareng sasakolaan waktu umur maranehna lima taun, panggih deui di stasion kareta waktu geus rumaja. Singhoreng, Mick Jagger mawa sababaraha rekaman blues. Keith Richards anu sarua kagegeloan ku musik blues ngajadikeun duanana gancang cocok anu saterusna sapakat pikeun ngadegkeun The Rolling Stones..
Brian Jones, Bill Wyman, jeung Charlie Watts oge ngilu ngagabung pikeun ngalengkepan formasi band.
ngaran band ieu dicokot tinu lagu Muddy Waters anu dirilis taun 1950 kalawan judul “Rollin’ Stone.”
Hit anu pangHitna Anu mimitina pisan pikeun The Rolling Stone nyaeta Satisfaction anu nyarande di chart musik AS salila genep minggu tuluy-tuluyan.
Anu satuluyna anyar-anyar ieu awal bulan kamari, November 2014 The Rolling Stone nyieun hiji kaahengan kalawan teu disangka-sangka The Rolling Stone ngarealis lagu sunda anu judulna ulah ceurik anu di realis Ulang tinu lagu aslina kang darso seniman sunda anu tos kaceluk ka awun awun kakoncara kajandapria.
Kalawan harepan, mugi2 saatosna lagu sunda ieu di realis ulang ku Mick Jager, atuh mudah2an kahareupna lagu2 sunda sing tiasa makin Hit. ulah mung saukur Hit di tanah pasundan ungkul tapi sing nepikeun ka Hit sampe ka kelas dunia.amin yarobal alamin.
Kukituna kanggo nutup raos panasaran parawargi kanu lagu sunda anu ditembangkeun ku Kang Mick Jagger, atuh sumangga ayeuna urang pidangkeun ieu laguna
ULAH CEURIK anu di realis ulang ku The Rolling Stones atanapina Mick Jagger tea. Sumangga nyanggakeun, wilujeng nonton....!!! tariiiiiiiiik jabriiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiig....!!!!
Iseng 2 deui yeuuuh ...biarin and baelah orang lain arek ngomong dan nganilai apapun oge da moal ada yg melarang, penting mah niat mulia, hayang ngahibur batur balarea yg lagi dirundung kabingung. naha bet hayang ngahibur batur sagala
??.... karena teuing kenapa da menurut saya mah batur ge sarua weh dulur urang keneh sanajan dimana adanya, mereka juga perlu dihibur. masalah katampi atanapi henteuna da mung sakieu adana. tapi eta ge kembali deui ka urang, kumaha cara urang menyikapinya. deuuuh baelah tong harus di bahas eta mah ! anu penting mah bagaimana caranya kita atau urang bisa happy and berkarya. masalah penilaian mah biar kumaha nu nganilai saja tergantung di juru mana anda ningalinya.. rek nyebut nu gelo anyar pek wae da ceuk sy mah niatnya ngahibur hehe, mau bilang bubudakeun silahkan da ceuk saya mah niatnya ngahibur, da euweuh ari budak kokoloteun mah, lamun anu jerawatan mah pasti ada wae hehehe.
lamun kata rerencangan saya tea mah kieu: " Sakolot-kolotna lalaki pasti bubudakeun tapi sangora-ngorana awewe lamun geus boga budak pasti kokoloteun. yg penting mah hirup ini harus singkron, akur jeung dulur dan harus bisa ngahibur batur lamun bisa mah sakalian kudu dapat duduluran jeung batur. Tapi saya tidak memikirkan semua penilaian itu karena akan membuat darah saya
menyumbat di leher belakang yang bisa mengakibatkan pingsan hehehe..saya tidak suka itu.karena kata orang bijak juga hidup ini untuk dinikmati bukan untuk diratapi, tapi kalau kita tidak ibadah juga akan percuma dan sia2. Deuuuh asa jadi mencapruk kieu ngomong teh jiga orang alim wae, alim naon? alim eleh kubatur hehehe. tapi baelah ngacapruk oge da saya iyeuh nu ngetik mah anda mah kari macanya saja dan nonton, kari duduk manis saja. Nah udah sajah segini dulu...cangkeul ning ngetik segini juga.
selamat ningalikeun karya shooting apa adanya..!!!!
TEUINGLAH, Naon Nudilakukeun Ieu Naha Sakadar Iseng Hungkul Atawana Malah Aya Misi Nutangtu. Anu Jelas, Diluar
Sisi Kreasi Jeung Bakat Seni Lipsync Art Iseng2 Ieu Memang Teu Berhadih, Euweuh Nunitah, Euweuh Numayar Estuning
Kahayangna Sewang-sewangan, Ari Anu Dipiharep Video Ieu Bener2 Ngahibur Jeung Tangtuna Bisa Nyakakak. Komo Deui
Lamun Urang Nitenan/ningali Ekspresi Raray Sareng Bahasa Tubuh/awakna Para Pelaku Lipsync, Maranehna Nu Aya Dina
Video Ieu Estuning Lugu Jeung Pikaseurieun Kaciri Pisan Shooting Dadakanna. Mantaaaaap Weh Pokokna Mah..tuh Tingali
Ekspresi Kang Iwa..rada Isin2 Bari Ngadayung Siga Tumpak Parahu..tuh Tingali Ekspresi Kang Asep Anjut Siga Pisan Dedegan
Bima Ngabedega Baju Bereum Siga Nu Bingung...tuh Tingali Kang Meded Nu Kunyung-kunyung Datang Bari Ngabegegagan
Ngan Ukur Numpang Ngaliwat Ungkul...tuh Tingali Jogedna Kang Kelly Percis Pisan Jogedna Monyet Nu Jadi Backdropna
Video Ieu. Wilujeng Nonton..permioooooooooooooooooooooooooossss...!!!!!!!
Mun dipikir2, ternyata urang Sunda teh pusatna bodor nyak. Bahkan ceuk aki sayah mah, baheula keur perang wae urang Sunda mah masih sempet2na ngabodor. Sanajan saenggeus eta babaturanna maot katembak.
Naha geus takdirna kitu urang sunda teh tukang ngabodor?
Sayah mah emut keneh basa harita ngobrol jeung istri (harita bobogohan keneh)
Sayah teh nanya "kenapa sih kamu mau sama sayah"
Ceuk manehna teh "Habis kamu Sunda banget sih...rada bodor"
halah...teuing tah positip apa negatip...nu jelas trade mark kebodoran urang Sunda Memang geus nempel secara nasional.
Tah ieu meureun kelemahan urang sunda, loba teuing ngabodor, jadi dianggap tara serius, saeutik2 ngabodor, kadang identik jeung Kabayan, kudu na mah kedah rumaos rada isin di cap tukang ngabodor, kulantaran di cap kieu jadina can aya Presiden urang Sunda, dan mun kapilih jadi Presiden disangkana sieun moal bisa mimpin serius, heureuy wae, mau jadi apa bangsa ini kalo pemimpin urang sunda...meureun kitu...meureun ieu mah...tong bendu...
Tah ieu contona bari ngariung teu dimana teu dimana teu weleh cakakak cikikik:
Sapertos Anu Kauninga Ku Urang Sadayana Rc Jamar Media Nyaeta Salah Sawios Juru Dongeng
Anu Parantos Kakoncara Kajanapria. Anu Kantos Hit Di Th 70-80an. karya-Karya Rc Jamar Media Kapungkur Sering Dipedalkeun/ Disiarkeun Di Radio2 Swasta Niaga Anu Aya Di Tatar Sunda.
Tapi Sok Sanaos Dina Mangsa Kiwari Tos Tara Kakuping Deui Siaran atanapi swantena, Rc Jamar Media
Namina Masih Dikenang Tug Dugi Ka Detik Ieu. Langkungna Ti Eta Masih Seueur Anu Mikasono Kanu
Swantena Dina Mangsa Ngalawak Dina Salah Sawios Dongeng2na
Anu Pinuh Ku Kaahengan sinareng Gogonjakan Sabari ngakak. Tah Ieu Salah Sawios dongengna Nyaeta Gogonjakan Carita :JAMAR BEWARA . Wilujeng Ngadangukeun Mugi Tiasa Nyambungkeun Raos Kasono Salami Ieu Anu Ku pirang-pirang Para Wargi Diantos2 Sareng Dipilari Salami Ieu. Sumangga Nyanggakeun Wilujeng Bernostalgia..!!
Camkeun Emutan Kataun-taun dinu mangsa taun 1970/1980an...!!!
BAGIAN: 1
BAGIAN:2
BAGIAN : 3
mugi ieu pedalan tiasa ageung mangpaatna kanggo urang sadaya. tiasa janten inspirasi
kanggo ngangkat darajat budaya sunda , kapengker sareng kapayuna.amin..amin ya robal alamin.
Warga Pasundan Khususna Urang Sunda Sa-Jawa Barat, Saha Nu Teu kenal Ka
RC JAMAR MEDIA, Juru Dongeng Sunda Anu Kaceluk Ka Awun Awun Kawentar Ka Janapria.
RC JAMAR MEDIA Salahsawios Nonoman Sunda atanapi Seniman Sunda Anu Kantos Hit Di Th 70-80an. Dongeng Sareng Lawak Nu Dipidangkeun Dina Bahasa Sunda Harita Teh Jadi Kameumeut Urang Sunda Kusabab Basa Nu Dipake Basa Sunda Ilahar Sapopoe.jaman Harita Teh Radio Masih Ngaraja. Film Startrek , Batman, Si Rodek Jeung Si Golda Teu Bisa Ngelehkeun Dongengna RC JAMAR MEDIA Dina Mangsa Harita. Tah kukituna dina mangsa ayeuna , Hatur punten simkuring moal seueur saur bahe carek, moal nyaritakeun kumaha deuih carita dijalana, simkuring bade langsung bae kanu pokok bahasanna. sumangga nyanggakeun ieu pedalan geusan inspirasi kanggo urang sadaya umumna, atuh kanggo para seniman sunda khususna. mugi ieu pedalan tiasa ageung mangpaat. tiasa janten inspirasi kanggo ngangkat darajat budaya sunda kanggo kapayuna. wilujeng ngadangukeun...!!!
Video Bag : 1
Video Bag :2
Atuh teu Hilap simkuring unjuk pangapunten ka pak jamar anu ngagarap
ieu pedalan, ari margi taya sanes simkuring tos kumawantun medar ieu
karya salira. ari margi simkuring awahing ku ageungna rasa kareueus
sareng kacinta simkuring kanu seni sareng budaya sunda, khususna aya
rasa kangen kanu suanten salira anu sakieu saena ,atuh geusan bahan ngimeutan ka kaum dangu anu ngaraos mikasono
kanu suanten salira dinu waktos mangsa2 kapungkur. dina mangsa harita simkuring ge masih alit. antara emut jeung teu emut sim kuring osok pirajeunan ngadepong payuneun radio transistor merk telesonic gaduhna pun nini alm. ngadangukeun
ieu pedalan lawak tunggal. kukituna tawis kareueus sareng kaasih simkuring kanu
seni budaya sunda, margi kitu bade kusaha deui endahna ieu seni budaya nusakieu
saena bade dilestarikeun sareng dimumule dinu mangsa kiwari pami sanes ku urang sunda nu
mikacinta sareng mikaheman kanu budayana nyalira. amin.
sakali deui..hatur punten. panutup, hatur
nuhun mugi karya seni ieu tiasa manfaat kanggo sadaya anu ngadangukeun ieu carios,
khususna para seniman sunda nu ngageugeuh di ieu wewengkon tanah
pasundan.umumna para wargi urang sunda nu mikacinta ieu karya seni budaya sunda. amin.