SAJARAH VOCALIS BAND THE ROLLING STONES.
Didieu simkuring moal ngabahas pikaseurieun tapi leuwih pokus ka masalah Profilna Mick Jagger. masalah pikaseurieun mah sigana rada aya dina tampilan videona., bari jeung kitu oge balik deui tergantung kanu nganilaina. lamun pikaseurieun meureun bakal seuri, lamun henteu wae..nya wayahna kudu nyinghareupan nu lalajo bari samutut, leuheung ari teu bari hitut mah deuih...hehehe. tos ahhh teu kedah dibahas eta mah. ayeuna mah urang nyaritakeun MICK JAGGER weh...kieu caritana :
Mick Jagger dilahirkeun kalawan nyandang ngaran Michael Philip Jagger tgl 26 Juli 1943 di Dartford, Kent, Inggris.
manehna ngabogaan 2 dulur lalaki ti kolotna nungaran Eva & joe jagger. Nalika SMU, Mick jagger ngadegkeun salahsahiji band anu dibere ngaran Little Boy Blue and Blue Boys. Sanggeusna lulus, manehna neruskeun sakolana di London School of Economics kalawan beasiswa ti pamarentah.
Mick Jagger nyaeta salahsahiji bintang rock paling populer sapanjang jaman. manehna aya dina puncak karier kalawan katenaran anu jadi penyanyi utama The Rolling Stones kalawan ngabantu ngajadikeun “The Stones” ngajadi salahsahiji band rock paling populer sapanjang jaman.
Mick Jagger jeung Keith Richards ngadegkeun The Rolling Stones di taun 1962 kalawan ciri khas blues rock hard-hitting style. sajarah nyaritakeun yen Mick Jagger jeung Keith Richards, anu pernah bareng sasakolaan waktu umur maranehna lima taun, panggih deui di stasion kareta waktu geus rumaja. Singhoreng, Mick Jagger mawa sababaraha rekaman blues. Keith Richards anu sarua kagegeloan ku musik blues ngajadikeun duanana gancang cocok anu saterusna sapakat pikeun ngadegkeun The Rolling Stones..
Brian Jones, Bill Wyman, jeung Charlie Watts oge ngilu ngagabung pikeun ngalengkepan formasi band.
ngaran band ieu dicokot tinu lagu Muddy Waters anu dirilis taun 1950 kalawan judul “Rollin’ Stone.”
Hit anu pangHitna Anu mimitina pisan pikeun The Rolling Stone nyaeta Satisfaction anu nyarande di chart musik AS salila genep minggu tuluy-tuluyan.
Anu satuluyna anyar-anyar ieu awal bulan kamari, November 2014 The Rolling Stone nyieun hiji kaahengan kalawan teu disangka-sangka The Rolling Stone ngarealis lagu sunda anu judulna ulah ceurik anu di realis Ulang tinu lagu aslina kang darso seniman sunda anu tos kaceluk ka awun awun kakoncara kajandapria.
Kalawan harepan, mugi2 saatosna lagu sunda ieu di realis ulang ku Mick Jager, atuh mudah2an kahareupna lagu2 sunda sing tiasa makin Hit. ulah mung saukur Hit di tanah pasundan ungkul tapi sing nepikeun ka Hit sampe ka kelas dunia.amin yarobal alamin.
Kukituna kanggo nutup raos panasaran parawargi kanu lagu sunda anu ditembangkeun ku Kang Mick Jagger, atuh sumangga ayeuna urang pidangkeun ieu laguna
ULAH CEURIK anu di realis ulang ku The Rolling Stones atanapina Mick Jagger tea. Sumangga nyanggakeun, wilujeng nonton....!!! tariiiiiiiiik jabriiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiig....!!!!

No comments:
Post a Comment