Tuesday, 16 September 2014

JAMAR EDAN JAIPONG


Warga Pasundan Khususna Urang Sunda Sa-Jawa Barat, Saha Nu Teu kenal Ka
RC JAMAR MEDIA, Juru Dongeng Sunda Anu Kaceluk Ka Awun Awun Kawentar Ka Janapria.
RC JAMAR MEDIA Salahsawios Nonoman Sunda atanapi Seniman Sunda Anu Kantos Hit Di Th 70-80an. Dongeng Sareng Lawak Nu  Dipidangkeun Dina Bahasa Sunda  Harita Teh Jadi Kameumeut Urang Sunda Kusabab Basa Nu Dipake Basa Sunda Ilahar Sapopoe.jaman Harita Teh Radio Masih Ngaraja. Film Startrek , Batman, Si Rodek Jeung Si Golda Teu Bisa Ngelehkeun Dongengna RC JAMAR MEDIA Dina Mangsa Harita. Tah kukituna dina mangsa ayeuna , Hatur punten simkuring moal seueur saur bahe carek, moal nyaritakeun kumaha deuih carita dijalana, simkuring bade langsung bae kanu pokok bahasanna. sumangga nyanggakeun ieu pedalan geusan inspirasi kanggo  urang sadaya umumna, atuh kanggo para seniman sunda  khususna. mugi ieu pedalan tiasa ageung  mangpaat. tiasa janten inspirasi kanggo ngangkat darajat budaya sunda kanggo kapayuna. wilujeng ngadangukeun...!!!

                                         Video Bag : 1


Video Bag :2


Atuh teu Hilap simkuring unjuk pangapunten ka pak jamar anu ngagarap ieu pedalan, ari margi taya sanes simkuring tos kumawantun medar ieu karya salira. ari margi simkuring awahing ku ageungna rasa kareueus sareng kacinta simkuring kanu seni sareng budaya sunda, khususna aya rasa kangen kanu suanten salira anu sakieu saena ,atuh geusan bahan ngimeutan ka kaum dangu anu ngaraos mikasono  kanu suanten salira dinu waktos  mangsa2 kapungkur. dina mangsa harita  simkuring ge masih alit. antara emut jeung  teu emut sim kuring osok pirajeunan ngadepong payuneun radio transistor merk telesonic gaduhna pun nini alm. ngadangukeun ieu pedalan lawak tunggal. kukituna tawis kareueus sareng kaasih simkuring kanu seni budaya sunda, margi kitu bade kusaha deui endahna ieu seni budaya nusakieu saena bade dilestarikeun sareng dimumule dinu mangsa kiwari  pami sanes ku urang  sunda nu mikacinta sareng mikaheman kanu budayana nyalira. amin.
sakali deui..hatur punten. panutup, hatur nuhun mugi karya seni ieu tiasa  manfaat kanggo sadaya anu ngadangukeun ieu carios, khususna para seniman sunda nu ngageugeuh di ieu wewengkon tanah pasundan.umumna  para wargi urang sunda nu mikacinta ieu karya seni budaya sunda. amin.

1 comment:

  1. DONGENG SUNDA BEUKI LANGKA. DINU MANGSA AYEUNA SIMKURING NYOBI MIDANGKEUN CARITA DONGENG JAMAN BAHEULA, TAH IEU DONGENGNA:

    ReplyDelete