Wednesday, 25 June 2014

NUGERING NGAHITUTAN DOKTER

Dina hiji poe isuk2 keneh pisan kuring  ngarasa nyeri dada akibat mag nu geus
lila teu dirasa katambah asup angin, asa kunyeri pisan harita karasana. mun ge di tahan geus  moal boa bisa katahan ,
antukna poe harita mah kuring maksakeun indit kadokter, teukacaritakeun dijalana. satepina ka dokter kuring ditanya ku salah sahiji dokter awewe tengah tuwu alias tereh  kolot, mun seug lain dokter mah sigana pasti geus kaciri kolotna, kusabab dokter jadi katingalna ngora keneh. mun ceuk barudak ayeuna tea mah umur cpe  wajah jigow .. alias awet ngora...hehehe. daripada umur ngora beungeut kolot jiga hayam muyung hehehe.
Sawatara kuring asup karuangan, cletuk dokter ngomong, kieu ngomongna teh:
DOkTER: naon nu karasa?
KURING: nyeri dada sareng nyeri patuangan dok..rupina mah akibat mag nu tos lami teu diraos sareng lebet
anjing....eh lepat, maksad teh lebet angin..(dokter rada ngahuleng sakeudeung , mikiran kuring salah ngomong meureun ).
DOKTER: pami B.A.B mencret teu?
KURING: henteu dok..!! malah katingalna mah guluntungan siga nu teuas..(dokter ngahuleng deui)
DOKTER: hitut wae teu? (ayeuna giliran kuring nu ngahuleng, naon maksudna make jeung nanya hitut sagala)
KURING: hitut dok.. ( dokter mesem siga nu rek ngajebak. emangna FBI atawana CIA )
DOKTER: Bau teu hitutna? (kuring ngahuleng deui, ternyata bener dokter ngajebak )
KURING: Ambuan weh sorangan ku dokter ari panasaran mah..( ceuk kuring bari hitut tuluy indit kaluar tiruangan dokter).
DOKTER: dasar sial...ari sia urang mana meuni teu sopan..( Dokter Ngahuleng , Ngambek  bari ngomong
 ngagerenyem jeung sabari Nutupan Irung Kudua Ramona)
KURING: Nyaho aing mah urang gunung matak asup angin wae ge balikna jauh kamaribaya kehed, na ari  aing teu meunang hitut kitu ( ceuk kuring nyarita najero hate, henteu ari pok mah da bisi kadengeeun hehehe

No comments:

Post a Comment